Jumat, 08 Mei 2015

CONTOH MC PERNIKAHAN



MC PERNIKAHAN
بسم الله الرحمن الرحيم
Kembang malati jatining puji anu sajati ker saning Alloh anu Maha Suci, kembang gadung rasa Syukur anu gumulung dina jajantung ker saning Alloh anu Maha Agung, kembang campaka ungkapan puja urang sanggaken ka Alloh anu Maha Wisesa tur gagah perkasa
Sholawat sareng Salam mugia dikocor golontorken ka insan pinilih anu pangkawentarna di antera manusa sadunya buktina Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Para sepuh lelencer turus turunan, para pupuhu payung iye nagara, saderek kadang mitra sadaya anu ku pribados dipihormat 
Tutut gunung keong reuma sumangga gera caralik .
Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa anu waluya acara mimiti dipeuteumbeuyan, lalangse pananya hate ayena urang singranyken, gesan mapag balebat ti belah wetan, rek berlayar tarik jangkar mapag jalan anu ngembat taya simpangan, nanging memeh kebatna lumampah ranggeuyan acara urang sebatan :
-munggaran pembukaan.
-anu kadua aosan ayat suci AL-QUR'AN di lajeng ku maos sholawat.
-anu ka tilu seren/ sambutan bakal panganten di lajeng ku panampian.
-anu ka opat akad tikah di susul ku sungkem.
-anu kalima do'a/ tutup kalayan acara di papas pungkas.
Sumangga acara urang sami-sami guluyurkeun.

Komentar aosan al-qur'an:
Hadirin kadang mitra sadaya, mun berlayar tanpa kemudi palang siang katambias, mun hirup tanpa kadali palang siang bakal sesah, poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirupna teh boga padoman sareng gaduh lelencer buktosna AL-QUR'AN.
Bisi lempang pareng sasab, mun berlayar katambias rampang rempeng poekeun jalan sorangan. saena bae Alloh mah maha bageran tos masihan bener keur pamuntangan sangkan manah janteun ca'ang giligah ku ka tentreman kalayan maksad ibadah sumangga urang sami sami rungukeun aosan ayat suci Al-Qur'an, ka saderek/pangersa anu mancen tugas di haturanan.

Komentar : galindeng kalam Ilahi lebet mungkas kana sanubari sumarambah kana manah nyaliara minuhan salira. sok komo ngartos kana ma'nana, cacakan  dirarampa geuning nikmat karaosna .
Deudeul pidu'a kanu Maha Suci mugia ageng manfa'atna utami kanu maosna miwah urang sadayana
Amin ya Robal ‘alamin

Komentar seren bakal pangaanten :
Selenting bawanig angin kolepat bawaning kilat ,beja aya jajaka rek nyaba rek ngungsi pasini janji rek ngaguar subaya anu katunda, brul ngimbung ,bral ngabaratay, legedet aletan nana, ngalet ngengket ngabandalet ngembat-ngembat, gurat badag pasejaan parantos kataroh nanging wincikan pangesi ati gura kandungan manah eta mah te acan kataroh, gesan ngabenyeur beaskeunana sumangga ka wawakil tipara tatamu di haturanan
Komentar nampi panganten:
Hadirin kadang mitra sadayana anu ku pribados dipihormat. sakitu pisaur sesepuh wawakil ti para tamu di guar paragat nembrak sihoreng mana horeng kena kana paripaos :
''caang bulan ambil-ambilan turuktuk hayam kamatu''
seja ngamantu tunggang putra, purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede kituna teh bari nyepeng tutungkusan.
Gunung luhurna tanpa tutugan kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawi raos kabingah pribumi mah langkung tikitu.
Giliran anu ka sumpingan, enggal tamu bagiakeun turut tumut nyumponan ajaran babasan pangeran. Kanu di pancen tugas atas nami pribumi sumangga di haturanan.
Catatan:
-rengse panampian panganten di candak.
-cacandakanana di sanggakeun (biasa secara simbolik)
Komentar akad tikah
Melati linggarna ati cempaka na dada kembang agustus maridang na taratug tutunggulan cinta jeng cita rek di amproken, akang ...... nyai…… mun kamari kungsi aya carita antara dua waruga antara akang jeng nyai, wayahna katunda heula saheulana, samemeh masing2 boga tihang geusan boga pamuntangan, basa jalan simpangan ges ngabulungbung ,engkang mah mengkol ka kenca nyaimah ka katuhu, dupi udagan tundana dada. Akang …. Nyai…. Ki wari jalan teh tepang dei di hiji, sumangga gera angkat sasarengan mapay jalan anu ngembat taya simpangan.
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa anu waluya, tresna janji nu tos pasini subaya nutos midua dina waktu nu tos panuju cangred geget nu tos leget nyalingkuh di lupuk manik kalbu, tansyah jiyad pidu'a tisadaya di tunggu-tunggu di para guru pangheman ti para ikhwan katut pang wuwuh ti para sepuh kana kawening galih kasetraan nana bapa ibu saderek sadayana timpah hatur nuhun ti anggalna.
Hadirin kadang  mitra sadaya
Ku urang sami kasaksen yen ti sepuh tidua pihakannana  sami-sami ikrar manah rumojong kana kahoyong para putrana manjing kana pari paos !
'''batu turun kesik naek, kalapa tonggohen nana. itu purun ieu daek saruwa bogohennana''.
Hadirin anu sami hadir pepek syarat katut rukun nyakitu panganten sakalih, kantun akad anu teu acan, atuh mangga ka bapak patugas ti KUA miwah amilna ngagarap hancengannana
Komentar sawer
Hadirin Rohimakumulloh.
Ku endah itu gunung ngarunggunuk ngalak paul katuruban mega bodas lir putri ker kulem saratus taun.
Duh waas itu lautan mayakpak lir tanpa batas pasing surungkuy ombak lir ngajanjiken sarebu kaendahan asa naon teing mun ngalakonan, Meren bagja karasana nanging ie buktina mah ayena akad tikah ges laksana carita lajang jeng bujang ayena mah angges dengen kari mangkat beber layar mangka teger cekel kemudi, nanging sateacan kebatna lumaku bilih gunung rumpil jalana, bisi laut gede ombakna ibu/bapak miwah guru maksad mekelan tur ngawur piwuruh dasar mikamelang kahidep duaan. sumangga kapangersa syaekhuna di haturanan.
Komentar du'a
Runtuyan saur piwuruk ranggeyan patwa piwejang ngagalindeng matak nineng, ker obor dimana poek ker itek dimana leueur, batur ludeng waktu keueng batur bungah mangsa susah, paragi yaliksik diri ngarampa jeng awak.
Hatur sewu nuhun laksa ketikabingahan kapangersa mugia ageng manpaatna.
Amin yaa robal alamin
Giliran anu panungtung acara urang lekasan gera panteng mapat du'a munajat kanu kawasa minangka jajap panganter gesan mapag kabagjaan dunya rawuh akheratna, khususna kanggo panganten sakalih umumna urang sadayana.
Kanggo yeseupuhan ieu du'a dihaturanan sareng hormat ka pangersa ….. sumangga di haturanan.
Komentar panutup
Tutug rampung tuntas paragat acara dipapas pungkas kalayan teu aya halangan harungan naon-naon sumangga urang rumpak sasarengan maosken hamdalah.
Kalajengan pribados atas nami anu mancen tugas iye acara tangtos seer tutus langkung kepang halangan, bobo sapanon carang sapakan saur nu tekaukur ucap nu teu ka unggang pondok nyogok nyugak saur pari paos teu aya anu di teda litang ageng cukup lumur neda jembar pangampura ti sadaya.
Kalayan di tutup ku du'a robbanaa aatinaa piddunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakinaa a'daabanar.
Wassalam
12-04-2004  AL-HUDA

1 komentar: